Shaum




HAURPUGUR I 
 Sarebu rasa kasono, teu weleh nyoara nyombo-nyombo 
Nompo kana lelembutan......, lir kuda abur nu can butuh ku gedogan 
Jungjunan….., kageugeut nu teu weleh ngarangkay impian.
Naha ngan ukur liwat na’ ambekan sarenghapan. 
Ngawujudna lamun bugang geus bulukan ......., handapeun sedong kuburan! 
 ( Haurpugur, ’84 ) 


                          


                              MARET
Rema-rema angin musim, ngaligarkeun kekembangan.
Aya hariring....., aya hariring, tuduh jalan kapaesan! 
                      (Bandung, Juni ’84 ) 


YATIM PIATU 
Titis tulis nu pahatu teu boga bapak nu ngasuh. 
Matak nyuat raga ati. 
Titis tulis budak anu yatim, 
Taya indung nu miara ti leuleutik! 
 ( September, ’80 ) 



SORA PANGGERO 
 Mun nebak angin sareupna marengan bulan, 
eta teh sora panggero ti hiji lahan ghaib. 
 Nu ngancik jauh na’ lolongkrang bathin, 
nu mo’ katangen ku jalma sejen. 
Eta teh sora panggero ti hiji lahan ghaib, 
nu' mieling beurang jeung peuting, 
teu kendat sumeleket sabuku-buku urat, 
Saban renghap ngaguligah, 
saban ucap mangsana diri kudu tumamprak sumerah 
 ( Cisaladah, ’85 ) 



KASEDIH HATE 
 Kasedih hate nu geus lawas, tetep nyangkaruk na ati. 
Iraha anjeun rek ingkah, ninggalkeun hate bayeungyang? 
Kasedih hate nu can liput, taya pisan nu ngabeberah. 
Iraha hate bakal caang ku seuneu kabagjaan? 
( RSHS. 20 Nopember ’83 ) 



SAJAK KURING 
 Dina langit peuting......., kuring nenjo kalangkang. 
Bengeut nu celong........, leumpang nu teu nangan, 
( hate kuring beuki dieu beuki poek ) 
Kuring cumarita kana wujud nu taya jirimna. 
Kaadilan! 
Naha bakal katepi ku sora jumerit diri, nu kapoekan? 
Bebeneran! 
Naha bakal kadongkang ku leungeun nu teu nangan? 
Ti poe ka poe nandangan brata.
(Dina langit peuting ngalangkang beungeut nu celong) 
 ( Haurpugur, 25 Maret ’85 )



DI KAMAR 
Salambar catetan geus kakebulan deui, 
sabot sungut kunyem nginget-nginget du’a 
nu can kungsi di kedalkeun ka anjeun! 
 ( Haurpugur, 2 juni ’85 ) 



PARLENTE BUMI SILIWANGI 
 Sora kacapi geus disurupkeun, eh..
sada nyenggakan diri sorangan 
nu ngatog neangan wirahma kahirupan, 
nu pinuh ku sarwa nada! 
 ( Cisaladah Juli ,85 ) 



P O E 
 Poe nu beuki ngolotan.  
Hate kuring beuki poek  
Harepan beuki laleungitan.  
Lantaran anjeun nyerelek, poe.
Poe umur kuring beuki ngolotan. 
Lantaran anjeun nyerelek, 
Hate kuring beuki poek! 
 ( Desember ’82 ) 



C I N T A
 Lawas teuing kuring mundungan kamar  
Katut sagala kaasih jeung kadeudeuhna, 
 udar-ador ngabur suku, 
saprak kapincut ku sapatu! 
 ( Cisaladah, ’85 Munggaran ) 




KANGGO TEH TATI 
 Hukum nu aya na uteuk tukang kebon. 
Taya gesehna jeung katerangan kitab nalo, 
atawa nu jadi pikiran barudak angon, 
atawa nu jadi kaulinan bapak pulisi katut aparat hukum, 
yaeta tatapakan kaadilan! 
Ngan wae alam robah, tali paranti geus ganti. 
Hukum nu aya na kereteg angen saban jalma, 
estuning beda gelarna antara biwir jeung bathin. 
Antara rengkak jeung ucap.
Hukum nyaeta rangkay alesan! 
 ( Hiji-hiji ngolebat leungit, demit inditna teu kalawan pamit ) 
 Lir cinta nu laas samemeh lantis. Lir cinta tanpa mamanis 
Cinta nu pinuh ku pamirusa. Cinta nu salawasna lara tunggara 
Cinta nu pait, Cinta nu peuheur. Cinta nu kesed.  
Tobat…, kamana nya kudu lumpat? 
                                                                     ( CISALADAH, awal Juli ’85 ) 




SUMUHUN ( Keur saha wae ) 
Sumuhun teu kedah ham-ham, salira teu kedah cangcaya. 
Hate kuring teuas waja, beungeut simkuring kandel tambaga, 
panon simkuring bolor dihaja! 
 Teu aya nu direungeu, pan aranjeun parantos pireu! 
Teu aya rengkak kagok sanaos pada moncongok 
Keukeuh kuring ngaberung,ngabadung mangpang-meungpeung 
(teu hayang ngaragap angen deungeun)  Sawios nu kaleyek......, 
sawios nu ka idek, sina bati gogodeg 
Nu honcewang......, nu gudawang. Sanaos ngabarungsinang,. mo’aya nu 
wantun nangtang, mo’ aya nu wantun mungpang, 
margi simkuring terang upami sanes karecing,tinangtos jalmi saropan, 
langkung sae cicing tinimbang kedah openan! 
 Simkuring terang, sanaos tareuneung tinangtos ngaraos lebar 
ku pangwujuk, pangruruba nu diprukprukeun ka dirina! 
 ( Cicalengka, ahir tahun ’84 ) 



STATION HAURPUGUR BULAN MARET 
 Warna-warna tulisan geus di pulaskeun, 
dina tembok station nu ropoh ku kakolotan. 
Najan ngan ukur ku rindat panon, 
rupa-rupa caritaan geus dibalakakeun na' bangku station 
Piraku poho; sabot tungkul balem ngaheneng. 
Memeh kedal angen-angen nu di sidem; 
Kuring sadar tuluy ngahuleng; 
jariji anjen dibelitan tali meneng 
Piraku poho; bari ngaleos. 
Nyimpang heula ka kantor pos ngirimkeun surat kilat pikeun 
alamat cinta urang nu teu kebat! 
 ( Haurpugur, ’85 ) 



 SAKIKIEUNA 
Sakikieuna hirup nu dipibanda. Titik iga kuru....., ceuk saha kurang nyatu? 
( beas di pasar ngaleuya, tong nganaha-naha; kunaon padaringan hapa?! ) 
 Urang kudu di ajar jujur. Ti poe ka poe manggih keneh sangu sapiring 
sanajan jeung angeun kangkung 
( Teu kudu jadi pikir, teu kudu ngaheruk bingung, 
malah kudu ngucap syukur pareng keneh kumelendang. 
 Kajeun teuing ngan tinggal kulit jeung tulang, 
 Da hirup nu dipibanda ; Ngan sakikieuna! ) 
 ( Cicalengka Juli 1985 ) 



CATETAN (Keur Elis) 
Ringkangna mangsa laleupasan tina ambekan manusa. 
Teu kapirosea! 
 Karasa anggarna katiga panjang nu di cecebkeun ku angin musim. 
Ngageuing eling kana waruga nu ropoh ku kakolotan. 
kana nyawa sasampiran. 
Ngaheruk ngungkun. Ngarampa dada. 
 Taun demi taun........, hirup teu weleh hapa. 
 ( Limbangan, ’85 Munggaran )



2 JUNI (Supenir tepung taun Mn) 
Kapaksa kuring sumegruk na' kateudayaan. 
Basa mireungeuh manuk sabubuhan eunteup na’dahan.   
Mireungeuh kabagja, kabagja nu satemenna.
Kabagja kuring teu beda jeung regang, 
kamari daunan poe ieu kari rangrang 
Rasa tumarima teu ngancik lila-lila 
Maranehna lir teu bagaeun mangsa, 
pikeun pisah jeung tugenah,  Pikeun sagala    nudipikacua 
Estuning jongjon arocon, garenah gegeleberan,  
Sabot kuring kumerembing ditongtoyong kahirupan. 
Sumegrug na' kateudayaan! 
 ( Cicalengka, 2 Juni ’85 ) 



BASISIR CILAUT EUREUN 
 Laut, basisir......, lambak na’sela-sela karang 
 Keusik jeung kikisik; ieu kuring datang nuturkeun jeritna camar. 
 Nyusul lagu nu kapireng samar-samar memeh sirna katebak angin sareupna 
Kabawa ombak tuh ka tungtung buana! 
 ( Garut, 16 april ’85 ) 




HAURPUGUR II 
Umpak-umpak halimun geus turun, dimumunggang Cipanas 
Sabot ngahurun ngunggun, ngawawaas kabetah ngancik na’diri. 
Beak jalan nagara, mipir lamping jalan jajahan,  
Jauh lumampah, nutimu horeng ukur katunaan! 
( Haurpugur ’85) 



DI PAMEUNGPEUK 
 Nangtung na’poponcot karang, neuteup laut jeung langit 
Neuteup kalai’pan diri, satengahing ombak jaladri 
( Aingteh sakeprul keusik, kasered lambak kana kikisik ) 
 ( Garut 17 April ’85 ) 

 

DUA SAJAK KEUR CISALADAH 
1. Didieu ge bulan geus kapopohokeun, mangsana mabra taya pupujian lagu asmara. 
    Didieu ge bulan geus pada nundung, saperti panyajak nu kalunta-lunta di Bandung. 
2. Dimana galeuhna nu kapancenan rasa manusa? 
    Nu nyata; tunduk kana panendok teu beda jeung kebo. 
    Lebah dinya urang kemba, henteu daya.  
    Rumasa kana bebeneran memang geus poho! 
    ( Ramadhan Cisaladah ’85 ) 




M U A R A 
Anterkeun kuring ka gunung. 
Rek nyusu cikahuripan nu ngocor ngagolontor.  
Rek neueulkeun ketug jajantung, 
Kana galeuh kasucian nu can baur ku kokotor.  
Pulangkeun kuring ka paanakan nu jadi indung. 
Hayang nyeuseup mataholang katrengtreman, nu teu weleh langgeng, 
manceran saendeng-endeng! 
 ( Pameungpeuk ’85 ) 



CATETAN NA’USUM KATIGA ( Keur T ) 
Ngan silaru nu nyahoeun ghahgarna katiga panjang 
Urangmah manusa rea kabisa, 
pait jeung peuheur diteureuy ku tikorona sorangan 
Urangmah manusa (bisa keneh ngagehan rasa?) 
 Hirup teu gumantung ka batur. Estuning lewat ti jujur 
Urangmah manusa. Geus tuman reka perdaya 
Urangmah manusa. Geus tuman silih tandasa 
 Urangmah manusa. Napsu ngawasa! 
 ( Cisaladah, ’85 )



DINA KENDARAAN PEUTING                                                                                                                                              Lilir di hiji tempat. Teu puguh lebahna dimana.                                                                                                                Poek peuting diranggem pependut. Kendaraan terus nyebrut.                                                                                                                     Tereh cunduk kanu di jugjug? Atawa kebat ka akhirat?!                                                                                                       (Bandung-Jogja 5 Juli ’85)


SURAT KA CIKANCUNG                                                                                                  Kuremen ari katineung, mungguhing diri nu cuang-cieung.                                                                 Lawas umanjang ka hiji lahan nu nenggang                                                                              Panonoban rupaning sagala rahasiah.                                                                                               Antara jajaran bojong nu lembok. Angin sareupna rebo ku beja.                                                                                                    Jeung ibun nu muguran sapisan, catet bae na hate kalawan sadrah tur pasrah.  
Lantaran hirup mah hirup mo’ kurang ku panguntup. 
Ari cinta, ceuk saha lain cinta? Cacapna ukur ku pangrobeda 
 (Cicalengka Juli 1985)